Singkatna carita, gara-gara meunang beja ti babaturana, ceu Onah ngambek ka kabogohna. Sarengsena maca sms ti ceu Onah anu dikirim make WA, kang Bedul gancang ngirim balesan.
Assalaamu’alaikum wr.wb,
Eteh, kabogoh akang anu sholehah, nuju ngawitan akang pendak sareng anjeun, akang ibarat patepang sareng Saktah. Ngajentul, kataji ku kaendahan anjeun, “ngarenghap” teu cumarita.
Di payuneun anjeun, jigana akang ibarat Nun paeh nyanghareupan hurup Idgham Bilaggunnah. Katawis tapi dianggap teu aya.
Tapi sanajan kitu, akang ngawanikeun maneh nepikeun maksud hate sapertos Idzhar, “jelas tur Jentre” jiga caangna bulan peuting kamari.
Upami Mim paeh patepang sareng Ba, eta disebatna Ikhfa Syafawi. Maka upami akang patepang sareng anjeun, eta disebatna Cinta atanapi deudeuh.
Sakolebat soca urang paamprok jonghok waktos harita. Salajengna seeerrrr weh hate akang kabeungkeut sapertos Idgham Mutamatsilain. “Ngahiji jadi saruntut rawut”.
Kanyaah sareng kadeueuh akang ka anjeun sapertos Mad Wajib Muttashil. Pang panjangna diantawis anu sanesna.
Saatosna anjeun nampi kana kanyaah sareng kadeudeuh akang, hate akang lir ibarat Qolqolah Kubro, “deg degan meuni ratug tutunggulan”.
Kanyaah sareng kadeueuh urang paheut saiket ibarat Iqlab, ditandaan ku “dua hate” anu ngahiji.
Kanyaah akang ka anjeun sapertos Mad Thobi’i anu aya dina Al-Qur’an. “Seueuuuuuur pisan”.
Mugia lari rabi jaga urang duaan ibarat Idgham Bilaghunnah. Ngan duaan, “Lam sareng Ro”.
Sakumaha layakna Waqof Mu’annaqah. Mung kenging liren diantara salah sahijina. “Akang atanapi anjeun?”.
Sanaos perhatosan akang ka anjeun sapertos Alif Lam Syamsiah, teu katawis atanapi nyalingkur, saestuna kawelas asih, kanyaah sareng kadeudeuh akang lir ibarat Alif Lam Qomariah, nyata tur jelas.
Teh Onah kakasih akang, saenyana akang sareng anjeun sapertos Idghom Mutajanisain. Patepangna dua huruf anu sami makhrajna, tapi beda sifatna.
Akang mikaharep, cinta urang sapertos Waqaf Lazim, eureuna sampurna di akhir “h”ayat.
Sami halna sareng Mad Aridh, dimana tiap Mad anu patepung sareng Sukun Aridh bakal eureun. Sapertos kitu panyawangan akang waktos ningal anjeun.
Layakna huruf Tafkhim, jenengan anjeun oge dicetak kandel di pikiran akang.
Ibarat Hukum Imalah, anu di khususkeun kangge Ro hungkul, atuh kitu akang oge kangge anjeun hungkul.
Mugia akang janten anu panutup pikeun anjeun sapertos Mad Ariddhissukun. Atuh samulihna, kahoyong akang oge, anjeun janteun anu panutup pikeun akang.
Wassalam,
Bedul
Plong weh hate kang Bedul saberesna ngirim pesen ka ceu Onah. Pikirna teh, ceu Onah bakal reug reug hatena lamun maca pesen ti manehna.
Aya meureun saparapat jam ti harita, kang Bedul narima kiriman pesen deui ti ceu Onah. Kieu eusi pesena teh.
Ai akang nyarita naoooon ???.
Teu ngarti Onah mah.
Make nyaritakeun mad mod, gom, tafkhim jeung sajabana.
Onah mah kakara diajar Iqro kang.
Boa-boa akang salah ngirim pesen. Keur kasaha tah ?!
Kang Bedul reuwas kacida maca pesen ti ceu Onah. Sabari gagaro teu ateul kang Bedul nyarita kadirina sorangan.
Adduh, berarti salila ieu lamun uing nyarita teh manehna teu ngartieun naon anu ku uing di omongkeun?!.
Engke deui mah lamun kaparengan nganjang ka imahna, arek maksakeun weh meureun mawa buku “Tajwid”. Sugan jeung sugan manehna daekeun. Meumpeung keur diajar ngaji. Keun bae kakara diajar Iqro oge, sakalian weh meureun jeung Tajwidna.
Kulantaran waktu geus samporet, geus sareupna deuih. Kang Bedul gancang-gancang nyetater motorna, terus belesat weh manehna indit, nga-gas sakarepna.
Disusun ku : Ipey
Bahan Carita : Postingan Uj Doank


Tidak ada komentar:
Posting Komentar